Iklan Atas

Blogger Jateng

Ngure | Cerpen Sunda E Rokajat

 


MIMITI diajar ngurek téh ku Kang Masrin. Kelas genep SD mun teu salah mah mimiti diajar téh, manjang nepi ka ayeuna kana ngurek tara suda. Nya keur ngurek waktu layung soré nepungkeun kuring jeung Néng Riris, putra Haji Hasan, lebah saung di sawah ramana nu satungtung deuleu.

WAWUH munding jeung Néng Riris téh. Sakola di lembur mah ngan semet kelas opat SD, sabab naék ka kelas lima pindah ka Bogor di uwana. Dua taun sahandapeun umurna. Hawar-hawar kungsi ngadéngé béja manéhna mulang deui ka lembur téh sataun kalarung, neruskeun kuliah di Tanjungsari.

“Kayungyun masih kénéh resep ngurek,” sora wanoja bangun nu loma. Léngkah rusuh téh kapegung ku nyelang ngarérét.

“Hilap deui, nya? Éta bengong mani kajongjonan kitu,” pokna deui ditungtungan nyeuleukeuteuk.

“Asa ngimpén, aya widadari ngalangeu di saung,” tamba teu ngomong. Ceuleukeuteuk seuri deui.

“Riris, Akang,” pokna dina sésa seurina. Ingetan napak waktu keur SD.

“Kersaan tunggu saung.”

“Wios wé. Da saungna gé saung nu pun bapa, di sawah anu pun bapa, moal diusir ku anu ngurek.”

Teu papanjangan puguh geus sareupna. Lebeng teu inget siga kumaha baheula keur SDna, naha wanter siga ayeuna atawa éraan. Ngan nu inget téh mun ka sakola sok maké sapédah mini, buukna diuntun dua, tara elat maké rompi.

Tepung ngaduakalian téh waktu di ondangan, nganteur Ema. Teuing ku hanteu awak ting sariak waktu ningali nu narima tamu téh Néng Riris. Nulis ngaran Ema dina buku sémah gé asa teu paruguh. Angot basa cengkat manéhna manco. “Nyanggakeun pedang asmara,” pokna bari ngasongkeun sisir gedé. Ceuleukeuteuk seuri. Séak beungeut karasa panas.

Balik ti ondangan Ema naléngténg saha cenah budak awéwé sonagar tadi téh, budak saha, asa tara ningali, geuning siga nu geus loma. Sanggeus dijelaskeun, Ema bangun nu hareugeueun. Jununkeun heula sakola tong waka mikiran bikang, basana.

Kana ngurek tara poho. Angot ti saprak panggih jeung Néng Riris, bari mapay galengan sok rajeun maling rérét ka saung sawah Haji Hasan. Nyipta-nyipta wanoja rancunit dicindung kayas, ucang-ucangan diuk dina saung nalingakeun. Kungsi éta gé nénjo nu ucang-ucangan, maké sontog malah, ngan sukuna buluan jeung pinuh ku leutak, panyawahna.

Saminggu campleng teu ngurek. Ngurek deui téh alatan Ema aya paménta, sugan wé meunang belut rada badag, urang pais, asa inget ka jenatna bapa hidep basana. Kakara gé saratus méter, manggih liang mulisit, caina kaluar ka jero kawas anu keur diseuseup ti jero liang. Lalaunan ngulur tali urek, dipuntir ku curuk jeung indung leungeun, tungtung urek dibeungkeutkeun kana pigeulang. Ser… nud… eupan disanggut, urek diulur, adu regeng ngadu tanaga. Ramo-ramo karasa peurih nahan tali urek. Ras inget kana paménta Ema. Asa meunang tanaga tambahan. Sanggeus adu regeng deui, bolonyon belut badag, coklat semu konéng. Ya Alloh, nuhun Gusti.

Kakara ngaléngkah deui, kareungeu aya anu nyalukan. Panyawahna Haji Hasan nyampeurkeun bangun rusuh.

“Si Enéng wales,” pokna. “Gentak milu jeung Akang, urang ka rumah sakit.”

Kuring teu nyarita, ngan méré isarah ngacungkeun belut nu ditiir, jeung nepakan calana. Manéhna unggeuk. Geus teu mikir kana mandi, datang ka imah téh mikeun belut ka Ema, laju kukumbah suku jeung leungeun, disalin ku pakéan nu rada pantes, rurusuhan kaluar ti kamar. Di tengah imah paamprok jeung Ema.

“Néng Riris wales…”

“Ema gé geus apal. Si Bidin tadi ka dieu, nanyakeun. Ceuk Ema keur ngurek, nya meureun nyusul ka ditu.”

“Kumaha atuh?”

“Néang nu gering mah diutamakeun, ngan ulah leuwih ti kitu.”

*****

ENYA, Néng Riris téh wales. Di hareupeun kamar tepung jeung Haji Hasan katut istrina. Haji Hasan mah tibang ngarenyu sok sanajan kuring ngajak seuri. Iwal Bu Haji nu daréhdéh téh. Mireungeuh salakina bangun nu teu panuju kuring besuk, Bu Haji ngenyang leungeun dibawa asup ka jero kamar.

Saméméh nutup panto waléh, basana, ti kamari kénéh nanyakeun baé hidep, tepungan bisi enya paménta panganggeusan.

“Astghfirulloh, tong nyarios kitu, Bu Haji,” rada ngahuit. Bu Haji unggeuk. Gentak kaluar bari nutupkeun panto. Asa naringnang di jero kamar paduduaan, mariksa sakuriling kamar, teu béda ti kamar hotél. Néng Riris ngajepat dina ranjang disimbut kaén pulas biru, kontras jeung beungeutna nu sepa. Maca heula dunga néang nu gering saméméh ngadeukeutan ranjang.

“Assalamualaikum, Néng,” cekéng. Teu renyurenyu acan. Haté bet terus ngarakacak. Bari neuteup nu keur ngalempréh, mumuntang ka Nu Kawasa.

“Nyanggakeun pedang asmara.”

Teu puguh alang ujurna ujug-ujug hayang nyarita kitu. Nu gering téh batuk tilu rintakan, nyah beunta, ngarérét, teup neuteup.

“Bilih kamagriban…,” ceuk Néng Riris. Kuring ukur kéom. Ras inget kana kajadian waktu tepung di saung.

“Masih lami da…”

“Alim abdi mah…”

“Alim naon kitu, Néng?”

“Alim lami-lami di dieu…” Paromanna reueuk, reup peureum, ukur renyu biwir bangun nu rék nyarita ngan teu kedal.

“Sing énggal damang atuh…”

Teu meunang jawaban iwal aya nu merebey tina lebah juru panonna. Gesat-gesut ditetel ku tungtung curuk. Nyéh Néng Riris maksakeun seuri.

“Kayungyun masih kénéh resep ngurek,” cekéng malikan deui caritaan manéhna waktu tepung di saung, tamba euweuh piomongan. Dina haté awor antara rasa asih jeung sieun. Nu matak nyarita gé satimuna baé. Asa gampang kénéh ngurek, ngulinkeun belut nu nyanggut.

“Aya ku kersaan tunggu saung?” pokna malikan omongan kuring. Geuning, nu gering téh panjang ingetan. Tapi naha tadi bet kaluar cimata?

“Wios wé. Da saungna gé saung nu pun bapa, di sawah anu pun bapa, moal diusir ku anu ngurek.”

Ceuleukeuteuk nu gering nyeuleukeuteuk. Gusti, haté bungangang nempo nu gering bisa seuri. Manéhna ngarérét deui.

“Sareng saha?”

“Ngiring ka Kang Bidin.”

“Nuhun, Kang.”

“Sami-sami, Geulis. Tos tong seueur émutan.”

Néng Riris ngaranjug, teup neuteup anteb. Kuring beuki gugup.

*****

HAJI Hasan ngaheruk, kuring ngajentul. Teu nyaho kudu nyarita naon. Asa gampang kénéh ngurek, ngulinkeun belut nu nyanggut, tibatan kudu aduhareupan jeung Haji Hasan nu keur nyaritakeun bangbaluhna.

“Ceuk itungan dokter mah Riris téh ukur bubulanan deui. Asa diheulang puguh. Inggis mireungeuh Riris nyeuleukeuteuk téh keur panungtungan wé, basa kamari Ujang besuk téa…”

Jep jempé deui. Kuring teu lemék. Ras inget waktu tepung di saung, bet ngemu rasa hariwang. Waktu keur ngurek sok rajeun aya hariwang, sieun belut nu geus nyanggut téh leupas deui. Tapi kahariwang ayeuna asa lain hariwang samodél kitu. Kahariwang nu leuwih jero. Sora ngaji tina spiker masigit nu nulungan. Haji Hasan amitan. Ngan saméméh amitan nyarita:

“Hampura Emang. Isin temen lamun kudu maksa. Isin sabab Emang kungsi nyilakakeun bapa Ujang, mitenah bapa hidep nepi ka diasupkeun ka pangbérokan. Meureun indung Ujang gé geus nyarita. Bi Haji saméméh ngahiji jeung Emang téh kapan lila reureujeungan jeung jenatna bapa Ujang. Rumasa Emang galak timburu teuing.”

“Teu kedah diémut-émut deui éta mah, Pa Haji.”

Haji Hasan balik. Sajongjongan neuteup tonggongna. Bet témbong rigig nu nurun ka Néng Riris. Sora adan teu kapaliré, pikiran anteng inget deui kana caritaan Ema. Jenatna Apa dibérok alatan dituduh anggota partéy nu dilarang.

“Bapa mah pangéndonésiana, tapi naha kudu dipitenah PKI?” ceuk Ema ditungtungan ku kekerot.

“Aya ku kersaan tunggu saung?”

“Wios wé. Da saungna gé saung nu pun bapa, di sawah anu pun bapa, moal diusir ku anu ngurek.”

Ceuleukeuteuk nongtoréng deuk seuri Néng Riris. Ceuk itungan dokter mah ukur bubulanan deui, cenah. Haté ngahelap siga naék mobil tas nanjak laju mudun disakalikeun.
***

Posting Komentar untuk "Ngure | Cerpen Sunda E Rokajat"