10 Contoh Puisi Godi Suwarna | Contoh Karya Sastra

10 Contoh Puisi Godi Suwarna



Godi Suwarna dan Contoh Puisinya - Sastrawan nyleneh Godi Suwarna merupakan penyair, cerpenis, dramawan, dan novelis kelahiran Tasikmalaya, Jawa Barat, 23 Mei. Berbagai penghargaan sastra sudah ia peroleh. Ia tiga kali ia meraih hadiah sastra Rancage untuk Blues Kéré Lauk, Serat Sarwasatwa, dan Sandékala. Godi meraih hadiah tahunan itu untuk tiga kategori sekaligus, puisi-cerpen-novel.

Godi Suwarna juga dikenal sebagai aktor andal. Kemampuan dalam berakting di panggung teater diperoleh Godi selama bergabung dengan Studiklub Teater Bandung (STB) yang dipimpin oleh Suyatna Anirun. Salah satu drama yang dibintanginya adalah drama berjudul King Lear, Sang Naga, dan Impian di Tengah Musim. Selain bertindak sebagai aktor, Godi juga piawai sebagai sutradara. Salah satu pentas yang disutradarainya adalah pergelaran puisi Konglomerat Kéré Lauk di Universitas Wollongong, Australia, pada tahun 1997.

Karya sastra yang ditulis Godi disampaikan dengan bahasa Sunda yang mengalir ibarat arus sungai deras. Hal itu terwujud karena penguasaan Godi terhadap bahasa ibu (Sunda) dan wawasan tentang kesundaan sangat luar biasa. Terkadang isi karya sastra yang ditulisnya dihiasi dengan kosakata arkais. Tidak jarang pembaca dibuat ketar-ketir dalam menyibak tabir makna di balik karya Godi. Imajinasinya yang luas, kaya, dan cenderung liar melahirkan karya yang tidak kalah eksentriknya dengan karakter penulisnya.

Penguasaan terhadap cerita pewayangan, seperti Ramayana dan Mahabarata, dipadu dengan kejelian Godi terhadap situasi negeri saat itu mampu menjungkirbalikkan peranan tokoh pewayangan dari tempat dan posisi seharusnya. Ia menginginkan Sunda dalam sastra yang peka terhadap perkembangan zaman dengan segala kompleksitasnya. Salah satu cerpennya yang bertema dunia politik, “Murang-Maring”, menghadirkan anggota dewan yang terdiri atas anggota Panakawan dan Pandawa dengan segala karakter khas mereka dan nuansa komedi.

Sejak tahun 1998, Godi Suwarna aktif menggagas acara festival kebudayaan semalam suntuk yang dinamakan Nyiar Lumar. Festival tersebut sangat unik karena diselenggarakan di hutan keramat Astanagedé, Kawali, peninggalan Kerajaan Galuh, Kabupaten Ciamis. Kesan keramat semakin terasa karena perhelatan budaya akbar itu hanya bersandar pada penerangan tradisional yang berasal dari obor, cempor, lampion, dan api unggun. Perhelatan budaya tersebut dijadwalkan setiap dua tahun sekali. Acara tersebut mengundang banyak perhatian kalangan seniman dalam dan luar negeri. Selain itu, bersama istrinya, Godi Suwarna juga mendirikan Sanggar Titik Dua yang setiap waktu terbuka bagi para peminat sastra dan seni. Berikut ini, antara lain, adalah karya yang telah dciptakan oleh Godi Suwarna.

Karya Sastra Godi Suwarna:

Kumpulan Cerpen:

Murang-Maring (1980)
Serat Sarwasatwa (1995)


Novel:
Sandékala
Deng

Kumpulan Puisi:
Antologi Puisi Sunda Mutahir
Jagad Alit (1979)
Surat-Surat Kaliwat (1984)
Blues Kere Laut (1992)
Sajak Dongeng S. Ujang (1998)

Drama:

“Burung-burung Hitam”
“Orang-orang Kelam”
“Gaok-Gaok Geblek”
“Durmayuda”
“Cak Anumerta”
“Gor-Gar”


Gimana Sob, inspiring banget kan biografi hidup penyair yang satu ini, so untuk lebih memahami rangkai kata Godi Suwarna dalam mencipta puisi, berikut Admin posting 10 Puisi Godi Suwarna yang bisa Sobat simak.


Sajak ti Jalan ka Mana

Ngémploh pucuk-pucuk entéh
Mulas léngkob jeung lamping nu keur gumiwang
Sapanjang jalan rumangsang muru hibar gebur beurang
Hawar-hawar, kahariwang dilaungkeun kawih leuweung
Sabot mipir jegir pasir jeung kaketir nangtang ringkang
Lalaunan angin rintih ngusapan lengkah guligah

Luak-léok ngitung tikungan
Kalah kérok balas nyawang pulas haté jeung langitna
Balitungan antara was-was mun nyorang lelewang jungkrang
Jeung panggupay ti palebah mumunggang gunung panungtung
Padungdengan sabot méga katémbong beuki meuleukmeuk
Samar-samar nyidem hujan jeung guludug
Beuki jauh nyusud waktu


Bet kasarung satengahing kahayang nu pasulabreng
Antara ngajuringkang ka landeuhkeun, ka sisi talaga wening
Atawa rék terus nyusul jangjang julang kumalayang nilar sayang
Humandeuar ti tetelar ka tetelar nu horéng teu matak kelar
Kalah awor jeung geuneuk kelun halimun
Ngalulungsar di totowang

Mépéndé rurungsing jantung nu gumuruh silantangan
Sanggeus lawas ngaprak mangsa ngasruk tegal alimusa
Beuki surti yén mumunggang panganggeusan ngancik dina sanubari
Ngan kari ngaragap diri nu mindeng ngaberung mangprung
Kari naker ieu ketak saméméh béakeun hégak


(Pangaléngan, 07)


Sajak Satengahing Ringkang

Hariring angin rumangsang
Ka landeuhkeun, nebak rénghap saamparan pucuk entéh
Ngahiliwir ka talaga nu kasawang kapulas lélénglang langit
Lebah dinya kulit cai tingborélak ngariak-riakkeun wanci
Bet kaambung dumalingding seungit jempling
Sungkeman lemah kahéman
Nyambuang ti lamping wening nu katémbong semu ngénclong
Aya kalbu langkung langgong tibatan kelewung gunung
Langkung hurung manan talaga nu keur gumiwang

Lalaunan ngajaulkeun lamunan ka alakpaul
But-bat jalan panineungan
Ngagurat héhéjo kebon nu nungtung di sukugunung
Kelun haseup ti rarambu leuweung pineus lain tangara balai
Ngan ukur gebur kakangen ngagupay méga kasumba
Nu ngalayang ka jabaning langit bungurKapireng kawih kamelang
Moalboa riring mojang pasisian nu keur migandrung sarakan
Ngayunambing lamping rungsing diléntab létah srangéngé
Talaga beuki gumenclang dina pepeteng jajantung
Méméh lunta muru lembur pangsingkurna


(Cileunca, 07)


Di Sapanjang Jalan Sajak

Cijapati kapiati, ngancik ‘na acining wanci
Sanggeus nilar kelun kota nu dihuru matapoé
Cunduk ka liliuh langit, ka léngkob lemah ngémplohna
Saampar gambar kakelar digelar satatungtung teuteup
Di sapanjang jalan angin ngahiliwir nepis wiring
Lapat-lapat, marakbak lembur di lebak
Bet kasawang keur anteng namperkeun jempling
Sabada gumuruh dayeuh dibendung tambakan gunung
Ukur suling nu kapireng mirig kalbu humariring
Di sapanjang jalan méga kumalayang muru layung
Nanging anjeun geuning suwung di lulurung
Teu katémbong kumolébat mapag kangen di tanjakan
Ngan gupay pucuk halimun ti kampung tungtung pudunan
Nu kapireng ngajak reureuh satengahing lalampahan
Di sapanjang jalan soré muru sisimpéning peuting

Meureun anjeun geus ngampih ka lembur bungur
Terus ngempur kahieuman handeuleum leuweung katineung
Barang ringkang kalah nyorang gelebug aweuhan mangsa
Ukur bisa sumoréang ka lamping nu geus kalarung
Di sapanjang jalan layung muru gebur bulan kayas


(Cijapati, 07)


Sajak Lawang Peuting

Trijata, cuang lawungkeun paneuteup
Ka lawangsaketeng peuting nu katembong nyangkeredong
Sanggeus mipit gurat-gurit lambaran layung panungtung
Rek labas maratkeun ketak, tuluy nyusud kingkilaban
Nu kasawang tingbarasat lir suar panuduh lampah
Trijata, cuang miang ngitung gunung
Da geuning lempagan waktu terus ngabeledig ringkang

Ti dayeuh nyedek ka kampung, milang reuma meunang lewang
Kari mereketkeun geugeut, nyingraykeun sewu rurungsing
Humariring mapag peteng sapanjang liliwung peuting
Trijata, cuang narabas halimun
Nu ngadingding mindingan lungkawing jungkrang
Metik genclang cika-cika satengahing hiuk wanci niruk mongkléng
Sugan bulan rek kasampeur ngempur di mumunggang jempling
Ngagulubur ngahibaran jalan panjang ka sagara


(Pameungpeuk, 07)


Rumpaka Gandrung

peuting ieu anjeun mah di mana teuing
sanggeus tungtung gebur layung jadi genclang lampu kafé
peuting nu kapireng jempling sareureuh tabeuh gamelan
di dieu, kapan gelas jeung anggurna baris ngalalantis kangen
basa lilin pulas kayas tinggarenyas midangkeun séwu katineung
patung déwa ukur mencrong kana botol nu moncorong
di ditu, ‘na méja nu panghieumna, sapasang rumaja pérang
keur oléng ngambéng katresnan, ngabebela ka basisir
birahina gumuruh ngaduruk ombak


peuting ieu anjeun mah ka mana teuing
padahal anginna rintih humariring nebak ti pura gumiwang
nyanding dupa dumalingding ka rohang kafé nu beuki agréng
patung déwa milu ngungun barang mireng ngaran anjeun
digalindengkeun dina rarancang sajak nu tingkalayang
diapungkeun ku pupucuk umbul-umbul nu ngabaris
‘na jejempling jalan peuting, jalan sorangeun
palangsiang ngan jalan sasoranganeun
da geuning anjeun ngahiang

peuting ieu anjeun mah duka ka mana
basa gelas nu pamungkas geus jadi sajak nu gumarabyag
ngaléntab angin sagara, basa musik mimiti ngahuru jantung
ngagolakkeun eusi hulu nu didedet ku warnaning panineungan
patung déwa nu dikeput haseup dupa jeung halimun
kapireng bet humarurung, boa pada nyidem liwung
dikemu ratusan windu, sanggeus anjeun kari petit
nu nyiriwik ‘na ruruhit ungkara rumpaka lagu
nyeuit tatu tapak waktu nyacah kalbu


peuting ieu anjeun mah boa di mana
barang mangpirang kasono ngan wasa digorowokkeun
ti rohangan ka basisir, kalah awor jeung séah laut marudah
laun-laun ieu raga karasa ngabela-bela ngarérab lalangit hangit
rumanggieung ringkang lanjung di rohang nu beuki sahéng
patung déwa kumalayang ngagugudag ka pucuk munara pura
kawas asih nu keur hurung sakedapan tuluy bencar nyilalatu
bakal rabeng panineungan lebah gedur pangabénan
isukan ukur kasampak satumpuk ruruhak sajak



Gandrung Panunjung

asih kuring ka salira, jungjunan!
langkung ngempur batan gulubur purnama
nalika wengi harita ngahibaran basisir di palih wétan
waktos urang sasarengan ngagalindengkeun ungkara ombak
sagara teras marakbak ngagenclang-genclangkeun bagang
séwu parahu pamayang gumiwang di laut wening
nu mariang dijurung gending kaludeung


anging asihing salira, jungjunan!
karaos teu weléh rintih sapertos haréwos angin
humariring ngagupaykeun mangpirang pucuk katapang
pan salira nu tos ngagelar basisir janten tetelar pamedar tresna
waktos geugeut tambih meueut, katawis laut kareueut
murubmubyar guliwengan leuweung ganggeng
pangreureuhan warna-warni lauk lampar


kahéman salira pisan, jungjunan!
nu parantos ngahiruphuripkeun sagara
ringkang pamayang teu weléh manjang ti usum ka usum
da salira nu ngaréka satangkarak laut kidul janten karajaan lauk
nu ngantengkeun pareng ti taman karang ka sédong sigrong
ti lambak ka bubulakna, ti basisir ka lemburna
pangharepan baranang sabanjarkarang


mugia langgeng asih urang, junggjunan!
saban wanci sasarengan ngaheuyeuk nagri jaladri
ngageburkeun balébatna, ngahurung-hurungkeun layung
ngawurkeun roncé sulintang satengahing impénan para pamayang
nu jalengkar lapat-lapat ngolah laut tug dugi ka sukulangit
asih urang bakal mangkak di sagara, di basisir
dumalingding nyambuang ka alakpaul


(Pangandaran)


Ringkang Kangenan

ringkang anjeun kumalangkang, trijata!
di dieu, di lamping para déwata nu ngumpak ka jomantara
kapan anjeun kumolébat sakedapan lebah arakan sasajén
nyuhun janur pangempurna, luminjing dipirig gending
ngereles lebah simpangan antara pura jeung jungkrang
kebat ketak nurut-nurut tapak anjeun nu marakbak
ti lawang sakéténg beurang horéng manjang ka basisir


terus ngambung ringkang anjeun, trijata!
sapanjang undakan pura, tina kelun kana kelun haseup dupa
séséléké ‘na sesela patung déwa nu maridang disamping gringsing
lebah dieu, ukur kembang nu kasampak marangkak dina sasajén
seungitna sahiliwiran méméh tangkay dihuru waktu
“trijata, asih urang mugia langgeng dumalingding
mangka lana nyambuang di balé agung!”


mudun ka léléngkob liwung, trijata!
kumareumbing kana umbul-umbul kuning
néang anjeun sugan nganti lebah lawang guha karang
meureun keur anteng menekung namperkeun dalingding angin
sabada basisir putih gumarabyag kaléntab hégak srangéngé
lebah dieu, kalah tepung jeung lambak nu keur jumegur
nu gumuruh mapatkeun mangpirang mantra


horéng anjeun hanjat ka jojontor karang, trijata!
nincak umpakan cahaya, nanjak ka hiji pura gumiwang
ieu léngkah tuluy kandeg, létah garing balas ngagentraan anjeun
nu kasawang henang-hening di mumunggang pamujaan
riab rambut jadi layung ngahibaran runggunuk kayon karamat
“trijata, najan anjeun rék nyepén ratusan windu
ieu ringkang moal anggang ti basisir!”


(Tanah Lot)


Tanjung Kaliwung

jungjunan,
anjeun ngejat tina rangkulan kadeudeuh
kebat pundung ti basisir, kumalayang tunggang lambak
sanggeus tresna ngawarangan di banjarkarang karancang
ngaligincing ka sagara pangancikan nu kasawang gumarabyag
mulang ukur mawa raheut jeung hangit rarawék haté
basa asih kari ruhak ‘na kikisik


jungjunan,
horéng anjeun teu leler dibangbalérkeun
ngagugudug sabot nyumput di sédong jaladri mongkléng
teu kadongkang ku gupay kalakay méga ti langit garing
harita, mangsa tandes jeung rob-roban salah wayah
ukur parahu nu weruh yén sagara keur marudah
réh anjeun ngabarungsinang


jungjunan,
kalan-kalan rambut anjeun ngabebela di sagara
ngaduruk pucuk balébat, ngagolakkeun punduk lambak
laut geuneuk ku amarah nu disidem di leuweung ganggeng
hawar-hawar sora anjeun jumerit awor jeung angin
gumelebug neumbrag karang salingkung tanjung
ngagederkeun jantung leuweung


jungjunan,
geuning anjeun meupeuskeuyang
ngabedah-bedah amarah di puseur nagri jaladri
téténjrag di dasar bumi, banjarkarang digunjang-ganjing
tuluy anjeun ngabudalkeun jungkiringan gunung lambak
nu ngaguludug ti sukulangit, gumulung ngepung basisir
ngabencar-bencarkeun kalbu


jungjunan,
anjeun mah biheung di mana
basa jerit jeung cimata kakubur ‘na ruhak lambak
barang tanjung humarurung dirurub halimun wuyung
geuning anjeun tuluy suwung ti basisir nu pasiksak
sabada saban pasini dipungkas lalancip pati
kari lembur ngalanglayung


(Tsunami Pangandaran, 7-Juli-2006)


Pima Che Il Sole Bruci

kumalayang néang béntang
nu kasawang ukur langit bangun hangit
luhureun hurunan dayeuh nu katémbong nyangkeredong
di dieu, gedong jangkung kapireng bet humaregung
sanggeus lampu maluguran ninggang peteng


rumanggieung ka buruan
angin liket nyiksik kulit, meureut balung
jeung simpé beuki marecut kawas pucuk-pucuk awi
mapag ringkang nu nyorangan nyorang lewang
anjog ka taman gumiwang


aya teuteup nu gumenclang
kahibaran ku pirunan nu ngentab ngahuru ibun
riab rambut pulas layung ngingkilaban ‘na jajantung
lalaunan nyingraykeun rérég halimun
peuting témbong jadi agréng


aya nu keur gumalindeng
hawar-hawar hariringna lir aweuhan séah ombak
moalboa keur ngemu séwu kakangen ka basisir sardinia
sanggeus raga balayar ngangkleungan mangsa
patepung tengahing liwung


dayeuh tibra, ngageugeubra
gedong-gedong ukur kapireng hégakna
wangkongan kaangin-angin, humiliwir medar tineung
ka nagri nu ngagulubur pangreureuhan gebur bulan
kumacacang ti benua ka benua


boéh rarang kumalangkang
samar-samar kumolébat balébat megat impian
durukan kari haseupna, kecap jeung ketak ngaruhak
dayeuh lilir sabot rénghap nyungsi riwan
ka kamar namperkeun geter



“Hidup! Hidup! Hidup!” cek peureup mani baruleud ngahaja nonjokkan
angin nu keur tibra lebah liliuh caringin. Angin teh tibuburanjat nyusul
manuk nu ti heula ngagarapak tina dahan kana dahan. Barengong
angin jeung manuk mireungeuh mangpirang peureup tinggorowok
nyentakan beurang bayeungyang. Beurang tembong rerenjagan tuluy
kabur sakur pangacianana. “Hidup aing! Hidup aing! Hidup aing!”
cek peureup beuki tararik bari tembong aya seuneu ngabebela tina
sela-sela ramo. Ngadegdeg angin jeung manuk nenjo beurang beuki
soak gogobrot juuh kesangan. Keur kitu, panonpoe ngagilerkeun
cahayana nyorot peureup nu ngabring ti peuntas ditu “Aing ge hidup!
Aing ge hidup! Aing ge hidup!” cek peureup nu karek cunduk sarta
teu tata teu titi ujug-ujug ngajorag nu keur sesentak. Ger campuh
peureup jeung peureup nu sarua pada-pada sareuneuan ngabebela
Peureup diadu jeung peureup deui. Tinggorowok. Tingjarekok sora nu
patonjok-tonjok. Angin mabal. Manuk mabur. Beurang geheng. Getih
peureup boborot nyiram sampalan. Kacaturkeun tengah peuting,
disaksian imut bulan, dua peureup nu baradag sasalaman handapeun
tangkal caringin. Nu itu nyiwit ceuli saeutik. Nu ieu bet ngeleketek.


(Kotakidul, 92, Galura No.16)


Subscribe to receive free email updates: